Hari Jadi Cianjur ke-341, Inilah Isi Pidato Politik Bupati Cianjur Yang Bikin Warganya Makin Bangga!

 Hari Jadi Cianjur ke-341, Inilah Isi Pidato Politik Bupati Cianjur Yang Bikin Warganya Makin Bangga!



#INFOCJR – Setiap bertemu dengan hari jadi Kabupaten Cianjur, warga selalu menantikan apa saja isi pidato politik Bupati Cianjur dalam Sidang Paripurna DPRD setempat. Biasanya pidato tersebut disampaikan dalam bahasa sunda yang yang baik dengan undak usuk bahasa yang memukau sebagai ciri budi bahasa daerah ini yang terkenal dengan kelembutannya.

Pantauan INFOCIANJUR Sidang Paripurna DPRD Kabupaten Cianjur di Gedung DPRD Kabupaten Cianjur Jalan KH. Abdullah Bin Nuh Cianjur, Kamis (12/7/2018) pukul 09.00 sampai dengan pukul 11.30 itu berlangsung khidmat. Dalam pidato politiknya, Bupati Cianjur H. Irvan Rivano Muchtar mengatakan, ia bersama Wakil Bupati H. Herman Suherman dalam melaksanakan tugas kerja mengemban amanah sebagai Bupati dan Wakil Bupati Cianjur tak terasa sudah hampir setengah periode.

Selama itu pula, kata Bupati, atas kerja sama seluruh komponen warga telah banyak yang dicapai dan diraih oleh Kabupaten Cianjur. Sejumlah penghargaan dan pengakuan terhadap keberhasilan Kabupaten Cianjur selama ini baik dari Pemerintah Pusat maupun Pemerintah Provinsi Jawa Barat telah mengantarkan Cianjur sebagai kabupaten yang dibanggakan.

“Alhamdulillah, ku yasana pangrojong ti sadayana, cianjur kapeto nyangking sababaraha pangleler boh ti pamaerentah pusat sareng Pamarentah Provinsi Jawa Barat, ” kata Bupati dengan menggunakan bahasa sunda.

Disebutkan Bupati, ada 7 penghargaan penting yang dicapai Kabupaten Cianjur diantaranya juara 1 pengelolaan dana DAK tingkat Jawa Barat, penerima penghargaan treasury award, penerima 4 kali WTP berturut-turut bidang laporan keuangan daerah, juara kota layak anak, juara sekolah sehat dan prestasi-prestasi lainnya.

Suasana Sidang Paripurna Hari Jadi Cianjur di Gedung DPRD Cianjur, Kamis (12/7/2018). Foto : @humascianjur

“Aya tujuh pangleler nu tos diraeh Kabupaten Cianjur anu ditampi dina taun ieu, diantawisna, kapeto minangka pamarentah daerah pangpunjulna dina widang ngolah dana alokasi khusus (dak) pisik taun 2017, mangrupi “treasury award” ti Dirjen Perbendaharaan Kementrian Keuangan RI Kanwil Propinsi Jawa Barat, ngeunaan kriteria implementasi Sistem Informasi Kredit Program (SIKP). Lajeng nampi pangleler pinunjul ka tilu dina widang ngolah rarancang dokumen pangwangunan daerah tingkat propinsi. Salajengna, alhamdulillah tos opat kali noron, Pemkab Cianjur nampi opini WTP ti BPK, ngeunaan pamariksaan laporan keuangan,” kata Bupati yang juga Ketua Garda Pemuda NasDem Provinsi Jawa Barat ini, masih dalam bahasa Sunda yang kental.

Rapat paripurna ini dipimpin oleh Ketua DPRD Kabupaten Cianjur, Yadi Mulyadi dan segenap Pimpinan DPRD lainnya. Nampak hadir Sekda Kab. Cianjur H. Aban Subandi, seluruh Anggota DPRD Kab. Cianjur, Forkopimda, para kepala OPD, Camat, para tokoh masyarakat serta tamu undangan lainnya.

Inilah pidato lengkap Bupati Cianjur pada Sidang Paripurna DPRD Kabupaten Cianjur itu :

Assalamu’alaikum wr wbr.
Sampurasun…..

– Pangersa Bapa Bakorwil Wilayah I Bogor, anu ngawakilan Gupernur Jawa Barat anu ku sim kuring dipihurmat.
– Pangersa Ais Pangaping katut sakumna Anggota DPRD Kabupaten Cianjur nu ku sim kuring dipihurmat.
– Bapa bapa Forkompimda anu dipihurmat
– Almukarom para Alim Ulama, Inohong Masarakat, Pingpinan Partey Pulitik, Pingpinan Organisasi Propesi sarta organisasi kamasarakatan lianna.
– Hadirin hadirot hormateun sim kuring,

Dikawitan ku ngedalkeun puji syukur ka yang agung Alloh nu maha suci nu parantos maparin sagala rohmat sareng barokah, hayu urang sami sami munajat pamugi wae aya dina panangtayungan nu maha kawasa, kalawan salawasna dipaparin kakiatan dina mancen ngaheuyeuk dayeuh cianjur.
Teu karaos waktu ngaguluyur, cianjur nambihan umur, dinten ieu urang masih tiasa ngaluuhan Pasamoan Milangkala Cianjur taun 2018, ku hal sakitu, hayu urang sami sami ngariksa diri tos dugi kamana hancengan pancen gawe urang dina ngudag karaharjaan masarakat Cianjur sagemblengna.

Bupati Cianjur H. Irvan Rivano Muchtar tengah menyampaikan ‘Pidato Politilk’ Hari Jadi Cianjur ke-341 di depan Sidang Paripurna DPRD Kabupaten Cianjur, Kamis (12/7/2018). Foto : @humascianjur

Nitenan kana yuswana nu tos ka-341 taun , luyu sareng guluyurna jaman, kamekaran mangsa sareng rupa-rupa lalakon, tetela beuki ageung tangtangan nu kedah dipayunan, urang salawasna kedah ngudag ngahontal Tatar Cianjur nu sugih mukti loh jinawi, kalawan masarakatna nu luhung elmuna jembar budayana tur pengkuh agamana.

Kanggo sim kuring sareng wakil bupati saderek H. Herman Suherman, dina mancen gawe enggoning ngalaksanakeun amanah, teu karaos tos, ampir satengah periode. Alhamdulillah, ku yasana pangrojong ti sadayana, Cianjur kapeto nyangking sababaraha pangleler boh ti Pamarentah Pusat sareng Pamarentah Provinsi Jawa Barat.

Aya tujuh pangleler nu tos diraeh kabupaten cianjur anu ditampi dina taun ieu, diantawisna, kapeto minangka pamarentah daerah pangpunjulna dina widang ngolah Dana Alokasi Khusus (DAK) pisik taun 2017, mangrupi “treasury award” ti Dirjen Perbendaharaan Kementrian Keuangan RI Kanwil Propinsi Jawa Barat, ngeunaan kriteria Implementasi Sistem Informasi Kredit Program (SIKP). Lajeng nampi pangleler pinunjul ka tilu dina widang ngolah rarancang dokumen pangwangunan daerah tingkat propinsi. Salajengna, alhamdulillah tos opat kali noron, Pemkab Cianjur nampi opini Wajar Tanpa Pengecualian (WTP) ti Badan Pemeriksa Keuangan Republik Indonesia (BPK-RI) ngeunaan pamariksaan laporan keuangan.

Pangleler sanesna, Cianjur kapeto kenging anugrah pratama “Kota Layak Anak”. Lajeng dina widang kasehatan, kenging pinunjul utama lomba sakola sehat tingkat Jawa Barat, sareng dipercanten janten wawakil ka Tingkat Nasional. Oge matak pikareueuseun, taun ieu Cianjur nyangking Bidan Puskesmas Pinunjul kahiji Tingkat Nasional, nyaeta ku wasta bidan Aan Herlina ti Puskesmas Naringgul. Malih Puskesmas Naringgul kapeto nyangking Puskesmas Pinunjul kadua Tingkat Nasional.

Pangleler anu ka tujuh, aya nu langkung dipikareueus, Cianjur kenging pangajen pangpunjulna dina widang tumuwuhna ekonomi (PDRB) antawis Kabupaten sa-Jawa Barat, anu tos dugi kana angka 6,43.

Sababaraha kapinunjulan anu tos disangking Cianjur, sanes ngemu hartos siga agul ku payung butut, namung ieu mah estu pikeun pamecut kanggo urang balarea sangkan kapayun tiasa langkung suhud bari sumanget nu ngagedur dina ngahanca pancen gawe pikeun ngudag karaharjaan Cianjur nu Sugih Mukti, malar tiasa unggul dina sagala widangna.

Tina mangrupi kapinunjulan nu tos disangking salami ieu, tangtosna wae tina hasil gawe saged, gotong royong sauyunan, suhud tur soson soson, naha ti rengrengan anggota legislatifna, ASN, TNI-POLRI sareng masarakat Cianjur sagemblengna. Kukituna, atas nami Pamarentah Kabupaten Cianjur, sim kuring ngahaturkeun timpah rewu nuhun sareng pangajen ka sakumna nu tos ngarojong kana sagala program pangwangunan di Cianjur. Pamugi wae sagala kasaean sareng amal ibadah sadayana kenging pahala nu sae ti Alloh swt.

Peryogi oge didugikeun minangka kareueus sanesna, dina taun 2018 ieu, Pamarentah Kabupaten Cianjur ngayakeun program ngawangun jalan ku cara swadaya anu disebat “gorol” (gotong royong lobaan), alhamdulillah, budaya hirup kumbuh sauyunan, tumuwuh sae di lingkungan masarakat cianjur. Buktosna, kiwari tos rengse ngawangun betonisasi jalan dugi ka 9,189 KM anu sumebar di 37 desa. Insya alloh, ieu program baris dihanca deui kapayunna.

Hadirin nu mulya,

Salajengna, seja ngabewarakeun, wireh dina ngareuah-reuah medalna Cianjur taun ieu, penclut acarana baris dihijikeun sareng Milangkala Kamerdekaan RI, dina ping 18 agustus 2018. Insya alloh taun ieu anu baris nyandak tema “Cianjur Jago Festival 70.000 detik : Semarak Budaya Bhineka Tunggal Ika”, baris dieusi ku rupi rupi helaran budaya. Oge pintonan tujuh panggung, sareng konser kemerdekaan 70.000 Detik Cianjur Jago, anu dipuseurkeun di Lapangan Prawatasari Joglo.

Sakitu nu tiasa kasanggakeun. Ka Ais Pangaping katut rengrengan DPRD cinjur, teu hilap sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun tina sagala rupi rampak gawe salami ieu. Oge ka sakumna para pajabat sipil, TNI, Polri sareng sakumna masarakat Cianjur nu tos nembongkeun kasuhudanana dina ngabantos pangwangunan di tatar cianjur.

Mungkas ieu biantara, sim kuring seja ngedalkeun, wilujeng Milangkala Kabupaten Cianjur anu ka 341 taun 2018 . Mugi wae Alloh swt maparin rohmat sareng barokah ka urang balarea.
Amin ya robbal alamin.

Wassalamu’alaikum. Wr. Wb

Cianjur, 12 juli 2018
Bupati cianjur
H. Irvan Rivano Muchtar

(Deon/Riswan)




infocianjur

http://infocianjur.dev

dari Cianjur untuk Indonesia